Cerita Lucu - Preman Adzan

Preman Adzan - Kacaritakeun harita poe jumaah, jalma geus kumpul di masjid. Jarum jam nincak kana angka 12. Hawar-hawar sora adan ti lembur peuntas. Sedengken di masjid ieu can aya nu adan. Ketua DKM luak-lieuk neangan muadzin. Jigana teu datang aya halangan. Jamaah silih toel maksudna nitah adan ka babaturannana. Mugen papada embung. Adzan di lembur pentas ampir beres, di dieu can aya nu adzan.

Preman Adzan


Jung nangtung si Johan preman kampung, gidig leumpang bari dodongkoan ka hareupeun mimbar, kerewek mik speker dicekel.

Kabeh jamaah kaget campur reuwas oge hariwang si Johan teu bener beh ditu ngaco adzanna. Teu aya nu wani ngahulag, preman kampung tea atuh.

Celengkeung si Johan adzan. Teu sangka alus kacida sorana, tajwid makhrojna eces pisan. Jamaah olohok. "Alus euy sora si Johan teh....teu nyangka uing mah.." ceuk salah saurang jamaah.

Jigana eta pujian teh kadenge ku si Johan, nu keur adzan tea. Atuh si Johan "ngarespon" kana eta pujian bari tetep mic speker mah dicekel keneh.. "Aing teaaa.... anjing ...adzan mah bisa ti leuleutik...!"